Mudik Leubaran
Hiliwirna angin wanci janari dibarengan ku bau oli nu
nyakclak urut kareta api dina batu disapanjang rel ti pintuan nepi ka stasion
kiaracondong, masih keneh aya dina memory. Kuring jeung ki Lanceuk dituturkeun
ku indung kuring nu keur ngandung jeung
Bapak nu angkaribung ku babawaan ngagidig bari jeung semangat make baju anyar
menang meli di Cicadas.
Naha baju anyar geus dipake?
Da biasana kolot kuringmah mung lebaran teh meli baju anyar
sok tilu stel.
Ka hiji keur berangakatna
Ka dua keur poe lebaran
Ka tiluna keur balikna
(hahaha... kampungannya dipikir-pikirmah...)
Nepi ka Stasion Kiaracondong jelema geus ngagimbung nungguan
Kareta api si Gombar anu hideung lestreng. Kakuatana ngan saukur mawa tilu
gerbong sedengkeun jelema sakitu lobana.
Jadi kabayangkeun pinuhna kareta. Penumpang sampai aya nu dihareup hulu kareta pisan atawa di luhur
Bororaah bisa diuk dina
jok bari nundutan ciga Agridan jeung Opal kitu, nantung oge hese bari ka gencet
ku batur. Teu apal indung jeung Bapa palebah mana cicingna.
Eta kareta api si Gombar kecepatanna kuat ka ngarayap ciga
keong. Unggal stasion eureun jeung sopan pisan. Unggal aya kareta nu lain boh
nu perewis boh nu nyusul teu weleh we ngelehan nitah tiheula ka kareta sejen. Atuh
antukna perjalanan ti stasion Kiaracondong Bandung ti subuh nepi nepi ka stasion
leuwigoong Garut ampir magrib. (cape deh!) eta tah selalu terjadi unggal tahun.
Jadi bisa dibayangkeun tah cape jeung ripuhna Indung Bapa
kuring lamun mudik Lebaran.
Cacakan karek boga budak tilu tah..., sedengkeun kabehna
budak teh aya 6 (genep)
Da bongana beut teu meuli mobil! (da teu ka beuli mobil!)
Unggal taun arus mudik beuki loba, kendaraan beuki parinuh,
budak nambahan jadi genep.
Jaba nalika boga budak genep digawe eureun (pansiun) tangtu
gaji leuwih leutik.
Menurut teori indung Bapa Kuring mun mudik lebaran teh tangtu
beuki ripuh.
Tapi apa yang terjadi tunggu cerita selanjutya...
(bersambung)